Caang bulan bengras ngagantung
ditungtung poek
Angin
nyingraykeun halimun nu ngalimpudan langit
Hate
nyeredet nempo teuteupna nu ngalangkang dina kongkolak panon
Duh Gusti,
kuring nitip imut ngagelenyuna nu masih anggang di awang-awang
Mun seug
kuring bisa ngapung
Kuring rek
nyampeurkeun manehna nu keur nyorangan
Kuring rek
menta caangna keur ngeusi hate kuring nu kosong
Jeung rek
ngaharewos, hayang dipangnepikeun kasono kuring
Kanu
dipikaheman di kolong langit beulah kaler
Kade omat
ieu teh rusiah, ulah nepika cakcak bodas apaleun..
Sumedang, 5 Mei 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar