Ti beulah wetan geus datang
hiji ciri wanci nu nyakseni
Reueuk, poek mongklengna
langit nu ceudeum
Angin teu puguh matuhna,
pating hiliwir
Cewas cewis nebak
dangdaunan..
Gelebugna angin ngebahkeun
runtuyan lamunan
Seug inget waktu katukang
basa kuring masih keneh jeung manehna
Rasa guligah ieu hate
datang deui
Inggis..
Baheula inggis jauh ti
manehna, anu ayeuna geus jadi kanyataan.
Clak..clak..clak..
Mitembeyan hujan ngaririncik
Marengan ngeclakna ieu cai
panon anu teu ka tahan
Teu eureun nyurucud
maseuhan pipi,
Peurih..
Beuki nyiksa da tiap waktu
kasuat-suat..
Hanjakal.. hanjakalna dina
waktu ngagebretna hujan
Kuring kalah ngarasa halodo
tarik teu katulungan
Sabab ngan manehna nu bisa
ngelehkeun lantisna cai hujan
Dina hate kuring anu
pangjerona..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar