Hawa tiis ngadalingding
Tatangkalan
mere iuh kanu ngalangkung
Jalan
satapak muter ngalingkung gunung
Walungan
na ngebat caina ge herang...
Di
pasir nu rada nyingkur ngagunduk leuit
Pelak
pare ngajajar rapih dina gawir
Ngan
aya hanjakalna
Gening
urang ditu mah hese diajak ngawangkong
Ceuk
beja bisi kabawa ku sakaba-kaba
Sieun
ruksak sirung harepan bangsana
Beurangna
mineng kaimpleng
Peutingna
jadi matak nineung
Kuring
hayang nyaba deui ka ditu..
Tuh.. Ka Baduy..
Tuh.. Ka Baduy..
30 Maret
2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar