Dina Budaya Urang Napak Tur Tina Budaya Urang Ngapak

Urang Sunda

Rabu, 12 September 2012

Malin Kundang Janten Batu

    Jaman baheula, aya hiji kulawarga pamayang di sisi laut Sumatera. Kulawarga eta di antarana aya bapa, ema sareng hiji budak pameget anu namina malin kundang. Kumargi kaayaan kulawargana sangsara, bapana mutuskeun kangge balayar meuntas laut.
     Ti mimiti saminggu, dua minggu, sabulan, dua bulan dugika gentos taun, bapana malin kundang teh teu mulih wae ka lemburna, ema na kacida hariwangeun, nepi ka tungtungna emana nu kedah milarian artos kangge pangabutuh sadidinten.
      Saleresna malin kundang teh kalebet budak pinter mung rada bangor, manehna mineng ngudag-ngudag jeung mabukan hayam ku sapu. Dina hiji poe manehna kawas biasa ngudag-ngudag hayam, manehna titajong kana batu nepika raheut panangan na, raheutna teu lengit, napakan dina panangan na.
       Tah tos ageung mah, malin kudang ngaraos karunya ka emana anu ripuh milarian artos kangge manehna, manehna mikir palay didambel ka nagri batur sangkan jaga dina mangsa manehna mulang ka lemburna, manehna tos janten jalmi beunghar.
       Manehna diajak ku salah saurang nahkoda kapal dagang anu kapungkur sangsara ayeuna tos janten saudagar beunghar. nyuhunkeun widi weh manehna ka emana, mimitina mah emana teu ngawidian, tapi lantaran malin kundang mamaksa, tungtungna ema na ngawidian bari rada beurat ditinggalkeun ku putrana oge.
    Sarengsena manehna nyiapkeun beubeukeulan, manehna dianteur ku emana ka darmaga. " Malin, lamun seug maneh jaga jadi jalma beunghar, omat ulah nepika poho ka ema jeung ka lembur maneh ieu nya" saur ema na bari carinakdak.
       Di tengah jalan, kapal anu ditumpakan ku malin kundang dicegat ku bajak laut, sadaya barang dagangan anu diangkut kana kapal dirampas ku para rampog laut eta, teu ngan saukur kitu, ampir sadaya anu numpak kapal eta dipaehan, malin kundang mah gede milik, sabab basa kajadian eta manehna mah buru-buru nyumput di hiji rohangan dina jero kapal anu katutupan ku kai, manehna mah salamet.
         Malin kundang angkleung-angkleungan dina luhureun kapal di tengah laut, dugika manehna nepi ka hiji basisir, ku sesa tanaga manehna mapah mapay jalan ngajugjug hiji lembur caket basisir tea. Satepina ka lembur eta, manehna ditulungan ku warga nu aya didinya, manehna nyaritakeun kajadian anu karandapan ku manehna harita.
       Di lembur tempat manehna ngungsi, manehna neruskeun hirup, lembur eta kalebet lembur anu subur, ku kauletan malin kundang dina barangdambel, ahirna manehna janten saudagar beunghar, manehna gaduheun kapal dagang sareng anak buah langkung ti 100 urang. Saatos beunghar mah manehna ngalamar hiji wanoja kangge janten istrina.
       Beja malin kundang tos beunghar sareng tos nikah, dugi ka ema na, ema na atoheun kacida sareng ngucapkeun sukur ka Allah Ta'ala kangge kaberhasilan putrana, anjeuna mineng ka darmaga ngantosan malin kundang, bisi sawaktu-waktu putra na mulang.
   Saatos sababaraha lami malin kundang nikah, manehna mutuskeun balayar sareng istrina ngangge kapal pangsaena sareng di kawal ku anak buahna anu teu sakeudik. ema na malin kundang anu unggal dinten ngantosan putra na di darmaga, ninggalieun aya hiji kapal sae naker bade balabuh ka darmaga eta, anjeuna yakin yen anu aya di luhur kapal teh nyaeta malin kundang sareng istrina.
       Turun weh, eta malin kundang sareng istrina teh, dipapagkeun ku ema na, saatos caket, ema na beuki yakin yen eta teh putrana lantaran ninggali tilas raheut tea dina panangan jalmi eta.
     "Malin, budak ema.. naha angkat teh meni lami-lami teuing sareng teu wawartos kumaha-kumaha na?" saur ema na bari ngarangkul manehna.
    Malin kundang kalah ngaleupaskeun rangkulan, bari tuluy nyungkrukeun ema na. "Awewe euweuh ka era, wani-wani ngaku indung kuring" saur malin kundang, manehna pura-pura teu kenal ka ema na, sabab isineun ninggali ema tos sepuh sareng ngangge acuk butut.
        "Istri ieu ema akang?" saur istri malin kundang
      "Sanes, nini-nini eta ngan saukur pengemis anu ngaku-ngaku ema akang, sangkan meunang harta ti akang" saur maling kundang ka istrina.
         Ngadangukeun sasauran sareng dikitu-kitu ku putra na, ema malin kundang kacida benduna, anjeuna teu nyangka putra na bakal janten budak durhaka, bakat ku teu kuat ema na ngadu'a bari namprakeun panangan na. "Duh Gusti.. pami leres eta budak kuring, ku kuring disumpah manehna jadi batu". Teu lami ti eta, angin badag ngagelebug, ngancurkeun kapal malin kundang sarta eusina. Tos kitu laun-laun awak malin kundang ngaheurasan, tuluy jadi batu karang.
(Carita Rakyat Minangkabau)

Sumber: www.webgaul.com



        



       

Minggu, 09 September 2012

BADUY


          Hawa tiis ngadalingding
            Tatangkalan mere iuh kanu ngalangkung
            Jalan satapak muter ngalingkung gunung
            Walungan na ngebat caina ge herang...

            Di pasir nu rada nyingkur ngagunduk leuit
            Pelak pare ngajajar rapih dina gawir

            Ngan aya hanjakalna
            Gening urang ditu mah hese diajak ngawangkong
            Ceuk beja bisi kabawa ku sakaba-kaba
            Sieun ruksak sirung harepan bangsana
           
            Beurangna mineng kaimpleng          
            Peutingna jadi matak nineung
            Kuring hayang nyaba deui ka ditu..

            Tuh.. Ka Baduy..                                                                                                                                                                              
                                                                       30 Maret 2012

Rusiah Kuring jeung Bulan


     Caang bulan bengras ngagantung ditungtung poek
     Angin nyingraykeun halimun nu ngalimpudan langit
     Hate nyeredet nempo teuteupna nu ngalangkang dina kongkolak panon

     Duh Gusti, kuring nitip imut ngagelenyuna nu masih anggang di awang-awang

     Mun seug kuring bisa ngapung
     Kuring rek nyampeurkeun manehna nu keur nyorangan
     Kuring rek menta caangna keur ngeusi hate kuring nu kosong
     Jeung rek ngaharewos, hayang dipangnepikeun kasono kuring
     Kanu dipikaheman di kolong langit beulah kaler

     Kade omat ieu teh rusiah, ulah nepika cakcak bodas apaleun..  


                                                                                               Sumedang, 5 Mei 2012

Sirung Cing Jadi Tunggul


Kuring teh sirung...
     Masih keneh sirung, ieuh..
     Dituntun sangkan tumuwuh
     Ku serabna jeung panasna panon poe
     Poekna jeung hiliwirna angin peuting
     Ngahiap pikeun nungguan deui datangna beurang

     Nu mere tanaga ngan ukur hujan
     Ngan sakiceup hanaang maruragan
     Tiisna lantis ti tungtung daun nepi ka akar

     Ceuk batur kuring teh hideung
     Aya oge nu nyebut koneng
     Tapi kuring keukeuh, kuring mah hejo

     Hiji perkara anu jadi wawangsalan
     Kuring teh jaga bakal jadi tangkal naon?
     Tangkal kalapa, tangkal anu pangjangkungna
     Buahna sanajan ngagantung diluhur tetep caina herang     
     tur amis
     Ti tungtung daun nepi ka akar nu lantis ku cai hujan     
     teh bisa mere manfaat..

     Atawa ngan saukur jadi jukut
     Bisa hirup liar tur nyorangan
     Sanajan katincak masih keneh bisa hirup
     Ngan kusabab teu dipakaresep batur
     Tungtungna aya nu ngored da sok ngabalaan

     Teuing ah...
     Nu pasti jaga kuring kudu jadi tunggul
     Dina mangsa kuring geus teu nyawaan
     Masih keneh aya nu nineung..

                                                                              Sumedang, 24 April 2012

Urang Sunda Kudu Nyunda


Kuring gubrag ka dunya disanggap ku ema paraji
Dipapag ku indung jeung  bapa..
Halimpuna sora bapa ngaharewos ngalangkungan adan
Kanyaahna indung teu eureun ngayun ngambing bari ngahariring..

Bapa leukeun ngawurukan kuring ngaji jeung solat
Supaya kuring salamet dunya akherat
Indung ngajarkeun kuring kana kahirupan
Sangkan bisa nempatkeun maneh dina mangsa kahareup

Dina hiji poe, indung jeung bapa teh mere piwuruk
Ieuh Neng, putra harepan ema jeung bapa
Anjeun teh cing jadi jalma bener tur singer
Hirup di tatar sunda kudu bisa nyunda
Keun bangsa deungeun maju ku tehnologina
cik atuh urang mah ronjatkeun heula weh budayana

Kudu resep ieuh kana budaya sunda teh
Sabab ngan eta titinggal ti nini aki
tuturan para karuhun, tapak lacak nu baheula..

Tah, Ema.. Bapa.. ayeuna kuring geus bisa lumpat
Keur neangan elmu panemu anu bisa manfaat
Urang leukeunan mapay jalan satapak anu loba pisan pengkolan
Sangkan kuring boga pangalaman

Mun seug kuring caliweura
tong hilap lelempeng deui
Kuring tetep hayang jadi urang sunda anu nyunda

                                           31 Maret 2012

Hujan Cai Panon


Ti beulah wetan geus datang hiji ciri wanci nu nyakseni
Reueuk, poek mongklengna langit nu ceudeum
Angin teu puguh matuhna, pating hiliwir
Cewas cewis nebak dangdaunan..

Gelebugna angin ngebahkeun runtuyan lamunan
Seug inget waktu katukang basa kuring masih keneh jeung manehna
Rasa guligah ieu hate datang deui
Inggis..
Baheula inggis jauh ti manehna, anu ayeuna geus jadi kanyataan.

Clak..clak..clak..
Mitembeyan hujan ngaririncik
Marengan ngeclakna ieu cai panon anu teu ka tahan
Teu eureun nyurucud maseuhan pipi,
Peurih..
Beuki nyiksa da tiap waktu kasuat-suat..

Hanjakal.. hanjakalna dina waktu ngagebretna hujan
Kuring kalah ngarasa halodo tarik teu katulungan
Sabab ngan manehna nu bisa ngelehkeun lantisna cai hujan
Dina hate kuring anu pangjerona..

                                      18 Oktober 2011